03/05/2021
Hirupmah kudu landung kandungan, laér aisan, leuleus jeujeur liat tali, gedé bacot hade congcot,soméah hadé ka sémah. Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan kahandap akaran, bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku déngéna, ngajaga létah ku ucapna, ngajaga haté ku ikhlasna. Weruh ka semuna apal ka basana, rancingeus rasana rancagé haténa. Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan,ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.
Mun geus kitu bakal:Bumi manjing ka langitna,ti lagit séah hujanna, lembur subur, kota bagja, masjid jeung diri ngahiji, harya geus ngawujud harti, hukum geus ngawujud adil, nyanding pamingpin ka rahayat, ulama ajeg wiwaha, ucap jeung léngkah sarua, pitutur ngawangun subur, ayat ngawujud ka adab.
Mun teu kitu bakal:Kawung mabur carulukna, samak leungiteun pandanna, ciamis tinggal paitna, cihérang tinggal kiruhna, resi leungiteun ajina, ulama ilang komara, kaduruk hawa nafsuna, bangkong d kongkorong kujang, ka cai kundang cameti.......