09/01/2023
SANTRI-Lamun ngobrolkeun makna kecap Santri nu insya Alloh rék dipiéling, horéng kecap santri téh mibanda kirata nu ngandung siloka nu jembar maknana. Kecap santri mun di tulis ku basa Arab سنتري , nu disusun ku lima huruf, Sin (س), Nun (ن), Ta (ت), Ro (ر) jeung Ya (ي).
Nu kahiji huruf Sin (س). Ngandung siloka kirata Saabiqul Khoiri (سَابِقُ الخَيْرِ), hartina 'nu naratas jalan kahadéan. Jadi santri téh pionir nu kudu mibanda jiwa kapamingpinan nu ngajak kana kahadéan. Jiwa pieunteungeun, picontoeun ayeuna ogé jaga satutasna neuleuman élmu-élmu di pasantrén.
Nu kadua huruf Nun (ن), Ngandung siloka kirata Naasibul Ulamaa' (نَاسِبُ العُلَمَاءِ), hartina 'Nu neruskeun tapak lacak para Ulama.' Hiji Ulama atawa Kiyai teu bisa jadi kitu baé. Kudu ngaléngkahan hambalan-hambalan kaélmuan nu keur disuprihna. Nya di dunya pasantrén pisan hambalan-hambalan kaélmuan éta ku para santri diulik. Maranéhna digembléng ku mangrupa-rupa kaélmuan sangkan jadi Ulama nu bener-bener jadi. Lain ulama kajajadén.
Nu katilu huruf Ta (ت), Ngandung siloka kirata Tarikul Ma'aashy (تَارِكُ الْمَعَاصِى), hartina 'nu ninggalkeun kama'siyatan.' Tegesna, para santri diperedih mibanda jiwa nu sanggup melak tangkal kata’atan nuar tangkal kama'siyatan. Nu éta kama’siyatan téh bakal ngahalangan kacangkingna élmu nu keur disuprih. Sabab élmu téh cahaya 'Al-Ilmu Nuurun.' Cahaya téh suci, sedengkeun kama'siyatan téh kokotor. Jadi moal mungkin nu suci ngahiji jeung nu kotor. Ku hal ieu, maka santri téh hiji tangtungan nu kudu sanggup ninggalkeun jeung ngalawan kama'siyatan.
Nu kaopat huruf Ro (ر). Ngandung kirata Roodhin 'Alallooh (رَاضٍ عَلَى اللهِ), hartina 'nu ridho kana paréntah Alloh.' Tegesna ngudag kana Dawuhan Alloh,
رَضِيَ اللهُ عَنْهُمْ وَرَضُوْا عَنْهُ ذَالِكَ لِمَنْ خَسِيَ رَبَّهُ
'Alloh rido ka maranéhna, sarta maranéhna rido ka Mantenna, éta téh jalma nu sieun kanu jadi Pangéranna.'
Jadi, santri diperedih pikeun ridlo kana naon hal nu jadi kawajiban ogé paréntah ti Alloh. Sabab nu kudu jadi cOnto